-->

Notification

×

Kategori Berita

Cari Berita
Copyright © Best Viral Premium Blogger Templates


Iklan



NADHOMAN SUNDA-Kisah Rasulullah Saw

Wednesday 13 June 2018, 03:22:00 WIB Last Updated 2019-11-22T18:28:44Z
Nadhoman sunda (Kisah Rasulullah Saw)
Nabi urang  saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurés nya bangsana. 2 Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah, dibabarkeunna di Mekah, wengi Senén taun Gajah. 3 Robiul awal bulanna, tanggal ka-dua belasna, April bulan maséhina, tanggal kadua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna, tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna. 5 Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahaya mani ngempur, di bumina hurung mancur. 6 Parangina Kangjeng Nabi, jatnika pinuh ku puji, pinter tur gedé kawani, sabar nyaah ka sasami. 7 Keur opat taun yuswana, diberesihan manahna, nabi dibeulah dadana, malaikat nu meulahna. 8 Jibril kadua réncangna Mikail jenenganana, ngeusikeun kana manahna, elmu hikmah sapinuhna. 9 Tuluy dada Kanjeng Nabi, gancang dirapetkeun deui, sarta teu ngaraos nyeri, dicap ku Hotami Nabi. 10 Rama Nabi kacaturkeun pupusna kacarioskeun basa Nabi dibobotkeun dua sasih kaunggelkeun 11 Kagenep taun yuswana ditilar pupus ibuna Nabi dirorok eyangna Abdul Mutalib asmana 12 Kersana Rabbul’alamin Kangjeng Nabi nu prihatin yuswa dalapan taun yakin éyangna mulih ka batin 13 Sabada wapat éyangna Nabi dirawat pamanna Abi Talib kakasihna sadérék teges ramana 14 Kangjéng Nabi sering pisan dicandak ka Nagara Sam sok nyandak barang dagangan di dinya téh pajeng pisan 15 Kacatur di éta nagri loba pandita Yahudi sareng pandita Nasrani nu tepang jeung Kangjeng Nabi 16 Sadayana sasauran ieu jalmi mo nyalahan pinabieun ahir jaman Torét, Injil, geus ngiberan 17 Sipat Nabi panganggeusan aya di anjeunna pisan harita loba nu iman ka Nabi ngangken panutan 18 Karesepna Kangjeng Nabi ka Gusti Allah ngabakti di Gunung Hira maranti, ibadahna saban wengi. 19 Di dinya jol kasumpingan, Jibril nu nurunkeun Kur’an, kalawan dawuh Pangéran, Nabi didamel utusan. 20 Harita yuswana Nabi, patpuluh taun kawarti, diutus ku Allah pasti, ngémbarkeun agama suci. 21 Anu iman pangheulana, Siti Khodijah garwana, Abu Bakar kaduana sohabat nu pangmulyana 22 Murangkalih nu nonoman, anu pangheulana iman, Sayidina Ali pisan, ka Nabi sadérék misan. 23 Jeung ari jalma beulian, anu pangheulana iman, Sayid Bilal kaleresan, anu jadi tukang adan. 24 Ari lolobana pisan ka Nabi téh ngamusuhan, nganiaya ngajailan, teu aya pisan ras-rasan. 25 Nuju tanggal tujuh likur, bulan Rajab nu kacatur, runut kaol nu kamashur Kangjeng Nabi téh disaur. 26 Dipapag ku malaikat, nyandak burok nu kasebat, leumpangna téh cara kilat, tutunggangan Nabi angkat. 27 Ti Mekah ka Baitul Maqdis, teu lami-lami antawis, ku jalmi henteu katawis, Kersana Gusti nu Wacis. 28 Ti Baétul Makdis terasna, naék tangga saterusna, mi’raj téa kasebatna, ka langit Nabi sumpingna. 29 Tujuh langit sadayana, sareng aras pangluhurna, disumpingan sadayana, katut surga-narakana. 30 Kangjeng Nabi ditimbalan, ku Gusti Nu Sipat Rahman, anjeunna kudu netepan, solat muji ka Pangéran. 31 Sadayana jalmi iman, sami gaduh kawajiban, solat nu lima giliran, henteu meunang dikurangan. 32 Solat éta minangkana, dina agama tihangna, jalmi nu luput solatna, nyata rubuh agamana. 33 Kapir Mekah kacaturkeun, barang Nabi nyarioskeun, mi’raj lain dimulyakan, anggur pada nyeungseurikeun. 34 Pada hasud ngakalakeun, ti dinya Allah ngersakeun, Kangjeng Nabi dialihkeun, ka Madinah disirnakeun. 35 Para sohabat pirang-pirang, nu buméla milu iang, milu ngalih saabrulan, henteu pisan sumoréang. 36 Tambih kamulyaan nabi, di madinah asal sepi, jadi ramé ku nu ngaji, muji ka Nu Maha Suci. 37 Sapuluh taun lamina, di Madinah jumenengna, agama Islam cahyana, gumebyar ka mana-mana. 38 Ari mungguh Kangjeng Nabi, nyaahna langkung ti misti, ka umatna jaler istri, leuwih ti sepuh pribadi. 39 Welas asih ka nu miskin, sumawon ka budak yatim, pada seubeuh ku paparin, kadaharan jeung pisalin. 40 Akurna ka urang kampung, calik satata ngariung, tara angkuh jeung adigung, sanajan ka urang gunung. 41 Ka nu nandang kasusahan, gering jeung kapapaténan, ngalayad sarta ngubaran, ngajajapkeun ka kuburan. 42 Manis saur manis budi, éstu mustikaning jalmi, sajagat mo’ mendak deui, saé rupa jeung parangi. 43 Raray lir bulan purnama, halisna lir katumbiri, waos lir inten widuri, salira harum wawangi. 44 Éstu kersaning Pangéran, lain seungit dimenyanan, karinget pada nandéan, diparaké seuseungitan. 45 Pirang-pirang mujijatna, tawis kanabianana, Kur’an nu nomer hijina mujijat nu pangmulyana. 46 Tangkal nu pérang daunna, disiram urut abdasna, ngadadak loba buahna, sarta hirup saterasna. 47 Domba nu banget kuruna, sarta lalépét susuna, diusap ku pananganna, ngadadak juuh susuna 48 Dina hiji waktos deui, sahabat bet kirang cai, teras baé Kangjeng Nabi, mundut cai anu kari 49 Cai ngan sakedét pisan, éstu kabéh pada héran, Nabi neuleumkeun panangan, dumadak tuluy manceran. 50 Cai mancer loba pisan, ka luar tina panangan, sela-sela ramo pisan, cukup keur jalma réaan. 51 Ya Allah Nu Sipat Rohman, abdi téh iman ka Tuhan, teu aya deui Pangéran, lain ti Allah Nu Héman. 52 Nu ngadamel bumi-alam, rawuh jeung eusina pisan, nu wajib diibadahan, taya anu nyasamian. 53 Sareng abdi iman deui, ka Muhammad Kangjeng Nabi, yén éta utusan Gusti, miwulang ka jalmi-jalmi. 54 Nu sipat kapercantenan, wijaksana tur budiman, bener wungkul sasauran, lain saur kaheureuyan. 55 Hurmat urang ka anjeunna, dina mangsa jumenengna, sareng sabada wapatna, éstu teu aya béntenna. 56 Duh Gusti jungjunan abdi, Sayidina Muhammad habibi, pamugi salira nampi, ka nu hina diri abdi. 57 Abdi umat ahir jaman, anu banget panasaran, hoyong tepang ngadeuheusan, seja tumut serah badan.
Postingan populer
Komentar

Tampilkan

  • NADHOMAN SUNDA-Kisah Rasulullah Saw
  • 0

Terkini